Rabu, 15 Mei 2013

BINGUNG KEDAH KAMANA

      bingung aduh bingung kedah kamana simkuring ngalangkahken ieu sampean gusti,simkuring tos alim ngankatken ieu sampean ka negara ONTA,upami gusti marengken simkuring angkat ka negara selain negara onta,syukur alhamdulilah gusti,mudah-mudahan aya perubahan kangge keluarga abdi.            

Rabu, 03 April 2013

Lembur kuring



Mangsa wanci geus reup reupan..
Halimun gunung mimiti nyimbutan lembur..
Tongeret lir mere tanggara..
Marengan hibarna cahaya layung..
Mapag datangna indung peuting

Kuring ngajanteng salila lila..
Neuteup runggunukna pilemburan..
Nu kalingkung ngeplakna pasawahan..
Tempat kuring reureuh..
Tempat kuring macangkrama jeung baraya..

Lembur kuring...
Sanajan ayana di tepis wiring..
Kuring bagja...
Dilahirkeun di sarakan pamidangan..
Nu nyuguhkeun katengtreman..